Fosfor

Kirangna Karapihan  dina Cara Nganggo Saragam di Sakola Kasohor
Indri Lutpy P

          Zaman ayeuna, loba pisan siswa atawa siswi anu kirang disiplin dina ngagunakeun saragam sakola. Padahal dina Tata Tertib sakola aya peraturan ngeunaan nganggo saragam teh kudu rapih. Tapi kanyataanna loba pisan siswa atawa siswi anu ngalanggar eta peraturan. 
          Sakola anu kapandang kasohor ge, siswa atawa siswina masih aya anu ngalanggar peraturan  eta. Loba siswa atawa siswi anu saragamna dikaluarkeun, calanana merecet,anrokna diluhureun tuur, nganggo calana atawa anrok dihandapeun cangkeng, saragamna indis jeung sajabana. Eta sadaya teh teu aya dinu paraturan sakola. Kuduna sakola-sakola anu kasohor teh bisa ngajaga citra sakolana, lain tina prestasi hungkul, tapi tina sagala aspek kaasup karapihan siswa atawa siswi dina ngagunakeun saragam sakola.
          Dizaman ayeuna mah loba siswa atawa siswi anu mawa karep sorangan dina cara ngagunakeun saragam sakola. Meren ceuk manehna mah ngarah katingal hade, alus, atawa gaul. Padahal eta teh jelas-jelas ngalanggar Tata Tertib sakola. Kuduna sakola teh leuwih merhatikeun kana karapihan saragam siswa atawa siswina supados citra sakola teh teu rusak. Kanggo siswa atawa siswi anu ngalanggar, kedah dipasihan sanksi atawa hukuman supados teu mawa karep sorangan deui upama nganggo saragam sakola. Upami sadaya siswa atawa siswi tos tiasa rapih dina cara ngagunakeun saragam sakola katingalina endah jeung citra sakolana teh pasti alus.
          Nu matak urang tiayeuna keneh kudu bisa ngagunakeun saragam anu rapih supados tiasa jadi contoh keur nu sejen. Terus upami ningal rerencangan aya nu masih teu rapih nganggo saragamna, kedahna urang saling ngemutkeun supados rerencangan urang tiasa bener dina ngagunakeun saragam anu sesuai dinu Tata Tertib sakola.  

Categories:

Leave a Reply