Fosfor


   pentingna kabersihan kelas
Riskiyani Melisa
Mun ditilik tina segi kabersihan, jaman ayeuna urang sok ninggali loba siswa hoream ngajaga kabersihan umumna dilingkungan sakola. Tempat urang nemba elmu. Kusabab, maranehna asik teuing ameng jeung teu nyaho pentingna lingkungan anu bersih bakal mangaruhan kasehatan urang.
           Kitu oge anu tugasna piket sok telat jeung lalai kanu kawajibanana. Kusabab eta, abdi ngangkat judul esai” Peran Kabersihan Kelas Keur kanyamanan diajar”.
Sacara umum, kabersihan bisa diartikeun hiji hal anu endah ditinggal jeung dirasakeun. Mun lingkungan sabudereun urang utamana kelas teh bersih, eta artina pangkal tina kasehatan.
          Sedangkeun, tina agama bisa diartikeun satengahna tina iman. Salaku siswa urang kudu atawa wajib ngajaga kabersihan sabab kabersihan teh ngaruh kanu proses KBM(Kegiatan Belajar Mengajar) di kelas, lian ti eta hal ieu jadi panangtu ti kabeh guru ka kabeh siswana boh ti saragam sakola na, boh ti kabiasaannana. Urang bisa, ngamumule tinu hal-hal anu leutik  diantarana:
·        Piceun sampah ka tempatna
·        Mun urang ninggal kelas kotor, urang kudu gancang meresihan
·        Tong ngabiasakeun miceun sampah ka solokan atawa ka irigasi, sabab hal eta bisa nimbulkeun banjir.
·        Bersihan panangan saacan tuang atawa sanggeusna
Kabersihan boga peran anu penting utamana keur kanyamanan diajar.
Mun urang ngabogaan kelas anu teu bersih, urang moal ngarasa nyaman ngalaksanakeun KBM di kelas, hususna keur siswa/I anu kelas XII  anu teu lila deui bakal mihareupan UN jeung UAS. Urang bakal ngarasa kaganggu sabab kelas urang teu bersih. Contona: aya sampah di kolong bangku. Eta teh bisa ngaganggu kasehatan urang, da kaserang ku kuman panyakit anu disebabkeun ku eta sampah.
           Kasimpulanana, urang salaku siswa kudu sadar kanu kebersihan. Yen kabersihan teh penting pisan. Sarta kabersihan teh mangaruhan kanyamanan urang di ajar di kelas, umumna keur urang sadayana salaku warga nagara anu alus, supados urang jauh tina sagala panyakit.
Read More …

pangaruh tv

Lisda Ayu Wulandari
Télévisi ayeuna sarana éléktronik anu pang dipikareusep sarta ditéang jelema. Pikeun meunangkeun télévisi henteu deui sahésé jaman baheula di mana pakakas komunikasi ieu téh barang anu langka sarta ngan golongan nu tangtu anu sanggup ngabogaanana. Ayeuna télévisi geus ngahontal leuwih ti 90 persén nu nyicingan di nagara berkembang. Télévisi ayena geus bias dihontal ku kabéh golongan tanpa watesan umur. Siaran-siaran télévisi baris ngawowoy jalma-jalma dina waktu-waktu luang kawas waktu liburan, sabéak digawé komo dina kaayaan keur digawe ge jalma-jalma masih menyempatkan diri pikeun lalajo télévisi. Suguhan acara anu variatif nyieun jelema kataji pikeun ngaluangkan waktuna diuk di hareup télévisi. Tapi disatukangeun eta sarta teu sadar télévisi geus méré loba pangaruh négatif dina kahirupan manusa boh barudak boh jelema dewasa. Urang kudu ati ati sabab télévisi sajaba bisa jadi batur anu alus bisa ogé jadi musuh anu goreng.
                Dina hiji panalungtikan anu dipigawé leuwih ti satengah barudak di AS miboga télévisi di kamar maranéhanana. Umur rumaja panglobana lalajo télévisi di kamar sarta ampir sepertiga barudak pra sakola miboga télévisi di kamar maranéhanana sarta méakkeun waktu loba pikeun lalajo télévisi. Dina tayangan télévisi ayeuna aya loba gaya kahirupan ka barat baratan kawas kekerasan anu nyieun murinding bulu kuduk, vulgaritas, kajahatan, kangewaan, séks, penipuan, tatanan buuk anu radikal, sarta séjén-séjén.
             Sisi Positif Anu Bisa Dibikeun Télévisi pikeun urang ,Televisi hadir minangka sarana pikeun ngalancarkeun hubungan bewara diantara jalma. Télévisi Méré Informasi, Kanyaho jeung Atikan.tapi dibandingkeun sisi positifna ,sisi négatifna leuwih loba ,diantarana mangaruhan kana mekarna otak ,kana sikap ,kana sumanget diajar ,nyieun pola pikir basajan ,ngurangan konsentrasi jeung kreativitas , ngarenggangkeun hubungan antara anggota kulawarga,jeung sajabana .
               nyinghareupan ieu masalah , kolot mibanda tanggung jawab anu penting.salah sahiji anu kudu dipigawé kolot nyaéta méré watesan waktu pikeun lalajo télévisi. Iraha manéhna kaci sarta iraha waktuna manéhna kudu ngandeg lalajo télévisi. Pikeun anak nu can sakola, kaayaan kasebut meureun rada hésé alatan dina umur kasebut anak geus mimitian bisa néngtéréwéléng.   
nyieun kasapukan babarengan ngeunaan watesan watesanana. Contonadina masalah kacina urang ninggali ngadeg ninggali tv. Pikeun balita,netepkeun wates waktuna, nyaéta cukup sajam sapoé. Sedengkeun pikeun umur anu acan sakola kaci lalajo télévisi kurang ti dua jam sapoé.pelakeun dasar dasar hirup kakulawargaan k uterus lumangsung ambéh anak ngarti naon anu kaci sarta henteu kaci dipigawé ku manéhna ku kituna anak leuwih yakin kana dirina nyanghareupan babaturanana.
Read More …

PARIA
Zamzam Alardi
Paria, seer  anu terang yen saukur ngadangu namina oge tos pasti arurang sieun, sanes sieun ku pikasieneunana, tapi sieun ku rasana anu kacida paitna. Padahal  biasana aya oge anu reseup nuangna, kumaha tiasa kitunya ? Pait tapi nyehatkeun eta fakta anu ayeuna di panggihan ku ahli Biologis. Paria, anu kasohorku rasa buahna anu pait anu ngandung khasiat anu luar biasa jeung tiasa ngubaran sagala panyakit.
Ngarah nyaho jeung jadi mikareseup paria teu hese, lolobana arurang biasana henteu nuang buah ieu lantaran cara nyajikeunna salah. Misalna jeung kareasi paria tiasa di sajikeun jeung bahan anu sejen, misalna endog asin, kecap asin, atawa saos kedele. Cara masak sayur paria nurutkeun orang Taiwan. Paria (momordica charantia) atawa dina bahasa Mandarinna “khu khu” khu = pait, nyaeta salah sahiji jenis sayuran anu tumbuhna ngarambat anu bentukna sepiral. Bentuk daunna ngajari jeung kembangna warnana koneng jeung batangna buluan rada kasar. Buahna anu bintik-bintik jeung rasana anu pait. Tatangkalan ieu hirup di tempat anu hawana panas, jiga di asia, afrika timur, amerika selatan, sareng kapulauan karibia.
Jenis-jenis paria anu loba kasohor ku masyarakat nyaeta :
1.       Paria Kodok, bentukna lonjong, rada buleud pendek. Warnana hejo kolot, rasana pait pisan
2.       Paria gajin atawa gajih, bentukna lonjong gede, panjang. Warnana hejo ngora atawa bodas, rasana teu rada pait.
3.       Paria leweung, bentukna buleud, leutik jeung rasana panpaitna.
Kandungan Zat anu aya dina paria :
Dibalik tina rasana anu pait, paria nyimpen sajuta manfaat kanggo kasehatan tubuh manusa. Buahna anu ngandung Albiminoid, karbohidrat jeung zat warna. Daunna ngandung zat pait, minyak lemak, asam dammar, protein, besi, kalsium, fosfor, vitamin A, B1 jeung C, anun fungsina kanggo ngajaga kaendahan kulit. Nyaeta ngajaga kulit tina sinar ultra violet. Ieu artina paria tiasa nyegah noda hideung jeung keriput dina raray. Akarna ngandung asam momordial jeung asam aleonolat. Sedangkeun sikina ngandung saponin, alkaloid, triterprenoid, dan asam momordial.
Di Negara-negara utamana Jepang, Korea jeung Cina. Salain kanggo tuang, paria oge dimanfaatkeun jang obat. Kadar kalsium dina paria kaasup gede, sangkan tiasa naekkeun produksi sel-sel beta dina jero pancreas kanggo ngahasilkeun insulin. Lamun insulin dina awak kacukupan, mereun kadar glukosa anu seer teuing tiasa di cegah, sangkan kadar glukosa dina geutih jadi normal atawa jadi ka control. Sanyawa fitokimia leutin jeung likopen dina pare miboga khasiat salaku anti kanker, antibiotika, antivirus, parangsang produksi insulin, panyaimbang tekanan geutih jeung kadar gula , parangsang nafsu dahar jeung pambasmi cacing usus. Teu acan lami ieu, Prof lee-huang ti Universitas New York oge nemukeun zat anu luar biasa dina paria, nyaeta sanyawa anti HIV-AIDS. Zai ieu dinamian alpha-momorchorin, beta-momorchorinjeung MAP 30 (Momordica antiviral protein 30). Zat anu seer
khasiatna ieu aya dina siki paria kolot. Di Amerika sorangan, kapsul eusina bubuk siki paria ges biasa di pasarkeun. Obat eta diaku tiasa nahan laju virus HIV-AIDS. Berkat terapi paria, anu ngidap HIV-AIDS di Thailand jeung Amerika serikat sacara klinis katinggal leuwih sehat jeung beurat awakna ningkat. Teu ngaleleuwih sakitu, para ahli di dunia medis optimis dina 10 taun kahareup, bakal nimu obat kanggo merangan HIV-AIDS
Read More …


Ti lahir nepi ka mulang
Agnis Silmi

Description: images.jpgAllah SWT nyiptakeun manusa ku sagenap kasampurnaan jeung  ku warna-warni hirup tina bingkai kaleuwihan jeung kakurangan ,duanana kanggo  nguji saha diantara manusa anu bisa bersyukur. Saalus-alusna manusa nyaeta manusa anu bermafaat kanggo batur, kutipan eta teu asing ku urang di dengerkeun, ayeuna nu kedah di taroskeun , atos teu acan urang berguna kanggo batur? Pami teu acan , ayeuna waktosna kanggo ngabenerkeun diri sorangan.
Tina  kodratnya manusa teh nyaeta  makhluk sosial ,salain eta manusa dibere akal pikiran nu leuwih ku Allah  anu berkembang  sarta bisa barkembang beda jeung makhuk sejena .Misalna urang asalna orok, tapi lila lila urang barkambang ku bantuan batur nyaeta indung urang. Dina hubungan  makhluk sosial, manusia  hidup babarengan  jeung manusa laina . Dorongan ti  sejak lahir bakal terus  ngabuat manusa teh nampakeun bisa bermasyarakat.Urang sadayana apal ti sajak lahir urang merlukeun batur, kitu oge nepi urang  mulang ka gusti Allah,  Manusa disebutkeun sabagai makhluk sosial oge kusabab  dina diri soranngana aya dorongan  jeung  kabutuhan kanggo berhubungan jeung batur, manusa moal  bisa hirup sabagai manusia lamun  teu hirup di tengah-tengah manusia.
Tanpa bantuan manusia laina, manusia moal  mungkin bisa jalan  tegak. Ku  bantuan batur, manusa bisa ngagunakeun  tangan, bisa ngobrol, jeung  bisa nu sejena.
Bisa disimpulkeunn manusa disebut makhluk sosial,kusabab loba alasana diantarana nyaeta:
a. Parilaku manusia ngaharapkeun  panilaian ti batur.Contona lamun urang salah,batur bisa ngabantu urang ngabenerkeun kasalahan eta, atawa sabalikna.
b. Manusa butuh  kabutuhan kanggo  berhubungan jeung batur. Misalna di saat jalema eta kasusahan boh dina moral atawa materil, ku urang bantu tapi kudu didasaran ku hate anu ikhlas karena Allah lain ku hayang di puji ku sasamana.
Pami urang sadaya hayang jadi makhluk sosial nu alus, urang kudu bisa mulai ti mulai diri sorangan ameh jadi kabiasaan tuluy terapkeun kabiasaan anu alus di masyarakat.
Wassalamualaikum wr wb
Read More …

Pangaruh Média Sosial dina Kahirupan
 Yolan Lapenia Pradika
Kawas anu bisa urang rasakeun sorangan, sabaraha badag pangaruh social média di jero kahirupan pamakéna. Boh dina hal anu positif, boh négatif. Dina hiji social média, urang bisa silih babagi apresiasi, henteu ngan urang sorangan anu weruh, tapi batur ogé bisa milu weruh. Hal kasebut ogé bisa ngabalukarkeun kesenangan pangsoranganna pikeun urang. Sajaba ti éta, média sosial bisa jadi jembatan komunikasi pikeun pamakéna. Conto, facebook anu mangrupa jejaring social. Urang bisa papanggih sarta macangkrama jeung réncang–teman anu geus lila henteu papanggih. jejaring sosial kasebut ogé bisa mempermudah hiji komunitas sangkan bisa silih babagi sarta patukeur informasi dina hiji forum anu dipibogana.

Sajaba facebook, situs jejaring sosial anu ayeuna keur “hits” nyaéta Twitter. Cara pamakéanana anu pohara gampang, Twitter jadi favorit anu nurutkeun kami geus ngéléhkeun pamakéan facebook. Ngan ukur ku mosting status anu bisa dilengkepan jeung poto komo hiji vidéo, hiji informasi penting dina hitungan detik geus bisa nyebar ka sakumna “tweeps” (sebutan pikeun pamaké Twitter) di dunya. Twitter ogé bisa mempermudah nyaho informasi ngeunaan kemacetan di sajumlah jalan, komo warta anu keur lumangsung ogé bisa kalayan gampangna sumebar kalayan nga“follow” Twitter warta kawas @detikcom, @metrotv @tvOne sarta séjén-séjén. Dina ayeuna ogé loba pausahaan anu nyoba mempromosikeun produkna ngaliwatan Twitter ieu. Bisa disimpulkan yén Twitter nyaéta asal informasi kahiji anu bisa urang andalkeun dina meunangkeun informasi penting.

Sajaba akibat positif diluhur aya akibat négatif ti social network. Kawas contona facebook, anu jadi ajang berkenalan jalma-jalma di dunya maya. Loba kajadian anu geus lumangsung di kira-kira urang nyaéta lobana penyalahgunaan fungsi Facebook éta sorangan. Pembuatan account palsu jeung maksud kejahatan. Aksi para kriminal ieu geus loba nelen korban dimasarakat. Penipuan, pemerkosaan, perceraian nyaéta tilu conto akibat negative ti Facebook. Pikeun ngajaga kaamanan para pamaké Facebook, pihak jejaringan sosial ieu geus méré sagala rupa tindakan preventif antara séjén kanaékan keamaan jeung pangaturan privacy setting dina account Facebook Anjeun. Anjeun ogé disarankan henteu asal mengkonfirmasi saban ajakan pertemanan lamun Anjeun henteu yakin jeung jelema kasebut.

kahadiran jejaringan sosial kawas facebook sarta twitter ayeuna geus mangrupa kaperluan dina kahirupan urang sapopoé. Hal ieu sakapeung bisa nyieun hiji jalma ngalaman kagumantung, anu berakibat dina méakkeun loba wayah Anjeun. Hal ieu tangtu baris berdampak kurang boh ka interaksi urang ka sasama boh dina kahirupan urang bermasyarakat. Conto leutik dina hubungan kulawarga, henteu kurang komunikasi dina kulawarga kahalangan alatan unggal riweuh jeung dunya séwang-séwangan.

Kacindekan ngeunaan social network nurutkeun kuring nyaéta raramat sosial anu pohara diperlukeun di era ayeuna. Urang henteu bisa hirup tanpa jejaringan sosial. Sagala rupa mangpaat anu bisa urang cokot ti hal kasebut. Tapi alatan lobana hal négatif di jejaring sosial, mangka urang minangka pamaké kudu leuwih bijak dina nyokot mangpaatna
Read More …

Insomnia Lain Panyakit

Ebenezer Nababan 
Sare kalayan nyenyak mangrupakeun hal anu nikmat sarta nyenangkeun. Lamun urang sarena cukup jeung nyenyak, urangbakal seger lamun hudang isuk – isuk. Sare kalayan nyenyak bisa nyieun urang tenang dina sagala aktifitas sarta sumanget dina ngerjakeun sagala sesuatuna. Tapi kumaha kalayan maranehna anu hese sare ?

  Insomnia nyaeta gajala kalainan tina pola sare mangrupa hese sare sanajan dipaksakeun keur sare. Gajala eta biasana dituturkeun jeung gangguan fungsional keur hudang. Lamun disebut panyakit rasana heunteu pas. Kusabab heunteu nyerang organ awak nu tangtu. Insomnia atawa hese sare ieu gumantung ti pengidapna oge, lamun haying gancang sare, nya pasti aya jalanana.

  Insomnia loba diderita ku jelema anu miboga pagawean anu leuwih loba ngagunakeun pikiran kalayan otot. Pikiran anu unggal poe dipake tanpa istirahat kamungkinan badag bisa leuwih babari diserang panyakit anu laina. Saurang ahli ti Rusia negaskeun yen pengidap insomnia pang lobana nyaeta para perokok, anu tina  hudangna pasti keur nyeri sirah. Kitu oge para alkoholik atawa pemabok. Hese sare oge mindeung kajadian ku anak muda nepika kolot, beuki tambah umur beuki kurang oge waktuna jang sare.

  Mangka ti ieu kuring bisa negeskeun yén insomnia lain panyakit. Ngan istilah pikeun lolobana jelema anu teu bisa sare lantaran geus kabiasaan sare liwat tengah peuting. Kuring bisa mere conto kawas kuring ayeuna, baheula kuring sok sare kira – kira antara jam 9 – 10. Kulantaran ayeuna aya modem saban peuting ayeuna kuring geus biasa sare jam 11 – 12, mangkaning bisa nepi jam 2 lamun poe libur. Tah kabiasaan kuring sare gancang kaganti ku kabiasaan kuring sare telat.

Tah, kuring bisa ngabuktikeun yen insomnia the budaya (kabiasaan). Kabeh jelema tiasa ngaleungitkeun eta kabiasaan anu disebut insomnia tea ku cara ngabiasakeun diri sorangan pikeun sare gancang lamun geus bareres tah eta pagawean teh.

Ceuk para ahli oge, kalayan digawe nyaeta digawe anu ngaluarkeun kesang, awak arurang leuwih gancang haying istirahat, nu matak lamun awak urang geus nepi kasur jol tibra sare teh. Salian ti eta urang oge bisa nurut ka budaya negeri sakura Jepang nyaeta mandi air hangat, saeunggeus mandi niscaya perawakan urang bakal karasa rileks sarta siap ngimpi endah dina dekapan poekna sang malam.

Hiji survey ti 1,1 juta panduduk di Amerika anu di pigawe ku Amerika Cancer Society manggihan yen maranehanana anu dilaporkeun sare kira – kira 7 jam saban peuting ngabogaan tingkat pati terendah, sedengkeun jelema – jelema anu sare kurang ti 6 jam atawa leuwih ti 8 jam leuwih luhur tingkat patina. Sare salila 8,5 jam atawa leuwih saban peuting bisa ngaronjatkeun angka pati sagede 15%. Insomnia kronis, sare kurang ti 3,5 jam (wanoja) sarta 4,5 jam (lalaki) oge bisa ngabalukarkeun kanaekan sagede 15% tingkat pati. Sanggeus ngadalikeun durasi sare sarta insomnia, pamakean pil sare oge patali jeung kanaekan angka pati.

  Di handap ieu aya sababaraha artikel para pakar tentang sabab – akibat insomnia, sarata tips atawa cara pikeun ngaleungitkeun insomnia :
  1. Lakukeun hal – hal rutin saacan sare jiga misalna nginum susu haneut, sakeudeung leuleumpangan, atawa mandi air hangat.
  2. Ngalakukeun sababaraha tehnik relaksasi jiga relaksasi otot ata meditasi.
  3. Nangtukeun jam sare. Usahakeun sare dina waktu anu geus ditangtukeun, sare saacan jam 11 sarta hudang isuk – isuk. Lakukeun ieu sacara rutin boh hari libur oge kitu. Mun jadwal ieu dilanggar bisa ngakibatkeun insomnia deui.
  4. Hindari kafein, nikotin, jeung alcohol. Hindari minuman anu ngandung kafein jiga kopi, coklat, soft drink, the jeung obat diet. Sabab kafein bisa ngajieun jelama hese sare. Sarta gancang hudang kusabab efek tina nikotin.
  5. Nyantai heula saacan sare. Leuwih alus mandi air hangat, maca, atawa ngalakukeun rutinitas lain  anu bisa nyieun urang sare pules.
  6. Ulah baring di kasur lamun heunteu tunduh. Lamun urang teu bisa sare, entong ngabaring dikasur. Kusabab bisa nyebabkeun gelisah terus hese bakal sarena.
  7. Sare nepika matahari bersinar. Lamun ngamungkinkeun, cahaya matahari anu asup tina jendela keur ngahudangkeun urang dina isuk – isuk, atawa ngagunakeun lampu anu caang di kamar. Hudang sare terus langsung kacaangan ku cahaya matahari alus pikeun jelema anu hese sare.
  8. Ngontrol suhu kamar. Mertahankeun suhu anu nyaman di kamar tidur. Suhu anu panas teuing bisa ngaganggu atawa nyegah urang pikeun sare.
  9. Olahraga saaca sare. Cobaan pikeun ngalakukeun latian ringan kira – kira 20 nepika 30 menit perpoe. Olahraga unggal poe bakal ngabantu jelema babari keur sare. Cobaan ngalakukeun latian sakitar 5 nepika 6 jam saacan sare.
Read More …


Pentingna Pendidikan Seks di Kalangan Rumaja
Tanti Gintari
                Pendidikan seks atawa pendidikan ngeunaan kasehatan reproduksi geus kuduna diberekeun atawa di ajarkeun ka barudak anu keur nincak rumaja. Pendidikan ieu bisa lumangsung sacara formal atawa informal. Dumasar kana kasepakatan internasional di Kairo taun 1994 ngeunaan kasehatan reproduksi anu geus di tandatangan kurang leuwih ku 184 nagara kaasup Indonesia, yen pendidikan seks teh perlu keur rumaja. Tapi ningali kaayaan warga masyarakat Indonesia masih loba anu teu nyaho pentingna pendidikan seks keur barudakna. Maranehna ngan nyaho lamun ngomongkeun seks nisa ngajerumuskeun budakna ngalakukeun hubungan seks, atawa pendidikan seks teh mangrupa hal anu vulgar, jadi teu wajar lamun diajarkeun ka rumaja ayeuna.
                Masih loba keneh anu can ngarti naon maksud pendidikan seks didieu. Lain ngajelaskeun tentang hubungan seksna, tapi arti seks anu sabenerna mah nyaeta jenis kelamin anu ngabedakeun antara lalki jeung awewe sacara biologis. Ceuk Sofyan aya dua faktor naha pendidiakan seks penting keur rumaja. Anu kahiji nyaeta dimana barudak anu karek nincak umur rumaja, maranehna can paham ngeunaan pendidikan seks, sabab kolotna nganggap yen ngomongkeun hal anu aya hubungan na jeung seks mangrupa hal anu teu wajar di omongkeun jeung budakna. Ku sabab kitu timbul rasa kurang paham dina diri rumaja ngarasa teu tanggung jawab kana seks atawa organ reproduksina.
                Faktor kadua, sabab kurang pahamna rumaja kanu seks jeung kasehatan organ reproduksina, di lingkungan masyarakat loba ditawarkeun hal-hal anu menjurus kana pornograpi, anu dicetak dina VCD, Majalah, Internet, malahan acara TV oge loba anu menjurus kanu hal hal pornograpi, tah sabab rumaja kurang paham kana pendidikan seks, numatak kudu diajarkeun hal-hal ngeunaan pendidikan seks utamana nyaeta ngeunaan kasehatan organ reproduksi manehna.Salian di ajar ti kolotn, teu salah rumaja eta nanya ka guruna nguenaan pendidikan seks di kalangan rumaja, tapi emang jarang aya rumaja anu daek jeung wani nanya ngeunaan pendidikan seks ka guruna, disarankeun mun rek nanya hal ngeunaan nu kitu tong nanya ka guru anu lain di widangna, sabab bisi timbul salah paham, dianjurkuen nanyana ka guru biologi, meh leuwih ngarti.
                Pendidikan seks emang penting keur rumaja, tapi aya batasan-batasan na oge, tong nepi keleuleuwihi bisi tungtungna nimbulkeun hal negatip. Nu matak peran kolot penting pisan didieu. Salian ti kolot ge, budakna kudu geus boga batesan mana nu bener jeung mana nu salah, nu teu eleh pentingna nyaeta rumaja tong salah milih babaturan sabab pergaulan jeung babaturan anu paling berpengaruh keur rumaja. Tong salah lengkah nu jadi poin utamana mah. Rumaja kudu boga tekad nu kuat, yen pendidikan seks didieu ngajarkeun manehna kana hal anu positip jeung supaya rumaja bisa wanti-wanti kana setiap anu dilakukeunna, utamana kanu kasehatan organ reproduksina.
                Pendidikan seks salian ngajarkeun tentang organ reproduksina oge, tapi loba anu bisa ku urang pelajari diantarana ekonomi, sosial budaya, nepika politik. Aya salah sahiji conto ngeunaan PSK (Pekerja Seks Komersial) dimana-mana, ha lieu disababkeun factor ekonomi, nu nyababkeun manehna teu boga tanggung jawab kana organ reproduksina jeung teu sadar yen bakal nimbulkeun panyakit nyaeta nularkun Virus HIV jeung panyakit kelamin lainna.
                Kusabab kitu, diharapkeun dina diajarna ngeunaan pendidikan seks, rumaja bisa ngajaga organ-organ reproduksina. “Organ reproduksi rumaja mangrupa hak rumaja jeung jadi tanggung jawab rumaja eta sorangan keur ngalindungi tina hal-hal anu teu dipikahayangeun”.
Read More …


Pola hirup sehat
Lies Handayani
Urang sadaya tangtu nyaho naon eta pola hirup sehat teh, ngan budak leutik anu teu nyaho naon eta artina pola hirup sehat. hirup sehat bisa diartikeun hirup tanpa aya gangguan nanaon rek eta fisik atanapi rohani . naon atuh ari pola hirup sehat teh?  pola hirup sehat nyaeta salah sahiji pola gaya hirup anu merhatikeun faktor-faktor anu ngaruh pikeun kasehatan.Pola hirup sehat teh bisa dibagi dua nyaeta pola hirup sehat jasmani jeung rohani.
Zaman kiwari pola hirup sehat tos teu dilakukeun deui ku jalma-jalma, pangpangna mah ku jalama anu boga aktivitas sareng kasibukan anu kaleleuwihan, nu nyababkeun teu bisa ngalakukeun pola hirup sehat. Tapi kedahna mah pola hirup sehat dilakukeun kusadayana kusabab penting kanggo kasehatan, nyempetkeun waktu kanggo olahraga atanapi ngabaca qur’an nyaeta salah sahiji cara pikeun hirup sehat.Sabagian masyarakat teh nganggap enteng pola hirup sehat padahal mah mun urang sadaya teu ngalakukeun pola hirup sehat urang sadaya tangtu kena balukarna.
Pola hirup sehat jasmani nyaeta pola hirup sehat pikeun ngajaga kasehatan jeung kabugaran awak urang, loba carana mah meh awak urang jadi sehat contohna mah nyaeta pola hirup sehat anu dilakukeun ku rasulullah nyaeta pola hirup sehat anu ngabatasi tuangan anu bade dileueut ku urang, rasulullah nganjurkeun pikeun nyadiakeun ruang di patuangan kanggo tilu hal nyaeta udara, cai, sareng tuangeun. Tiluan eta teh kudu saimbang masing – masing hiji per tilu patuangan. Rasulullah bersabda “ urang sadaya nyaeta hiji kaum anu teu tuang saacan lapar jeung ereun sateuacan wareg”. Sabda eta teh emang bener kusabab pami urang tuang pas lapar sareng teu ereun sateuacan wareg bisa nyebabkeun panyakit salah sahiji namah bisa nyebabkeun utah kusabab kamerkaan teuing.
Nu kadua nyaeta pola hirup sehat rohani. Naon atuh pola hirup sehat rohani teh ? pola hirup sehat rohani nyaeta pola hirup urang pikeun ngalakukeun hal-hal anu ngandung pahala tibatan ngandung dosa, salah sahiji cara pikeun hirup sehat rohani mah nyaeta shalat sareng baca qur’an. Loba sabab- sabab jalma ngalakukeun dosa salah sahijina  mah nyaeta kusabab teu dekeut jeung gusti allah sareng teu ngalakukeun  parentah gusti allah, eta ngajadikeun salah sahiji jalma jadi teu sehat rohani na kusabab dekeut jeung syetan tibatan allah.
Tah gening ayeuna mah urang teh geus nyaho salah sahiji  cara supaya urang bisa hirup sehat jasmani jeung rohani. Intinamah pami urang hoyong hirup sehat jasmani sareng rohani teh kedah ngalakukeun hal-hal anu manfaat kanggo jasmani sareng rohani urang sadaya.
Read More …