Fosfor

GANAS
Ajeng Isti Pratiwi

          Ganas, atawa dina basa indonesia sok disebut nanas atawa nenas, sihore’ng miboga loba kaunggulan keur kasehatan anu kudu diacungan jempol. Salah sahijina nyaeta keur maranehna anu ngabogaan masalah awak anu kaleuleuwihan beurat badan, ganas tiasa ngaluruhkeun timbunan lemak anu kaleuleuwihan dina awak. Tapi ngonsumsi ganasna kudu rutin, supados awak anu tadina beurat ku lemak, saeutik-saeutik bakal tiasa langsing.
          Salian ti janten obat diet anu sehat, buah anu kulitna pinuh ku sisik warna koneng kaemasan ieu oge tiasa ngajadikeun sistem katahanan tubuh jadi leuwih padet. Vitamin A, vitamin C, kalsium, posfor, magnesium, besi, natrium, kalium, dekstrosa, sukrosa jeung enzim bromelain anu aya dina ganas teh mangrupakeun obat anu tiasa ngobatan panyawat-panyawat anu beurat sapertina wae tumor, beri-beri, Jste.
          Enzim bromelain dina ganas teh bisa ngabantuan ngahipukeun kadaharan dina lambung, ngaganggu ayana sel kanker jeung nyegah ayana darah anu ngagumpal. Salian ti eta, serat ganas anu seueur tiasa oge kanggo obat sesah miceun.
          Teu saukur kanggo nyegah panyawat-panyawat, ganas oge ngabogaan mangpaat kanggo marane’hna anu udur, nyaeta tiasa nyerep obat jeung ngaberesihan jaringan anu geus teu aktip.
          Balik deui ka masalah awak anu kaleuleuwihan beurat badan, resep keur  ngalangsingkeun awak make ganas teh  nyaeta,  hiji ganas ngora diwasuh tuluy dikeureutan, tuluy ganas diparud jeung diperes caina, cai eta tuluy diinum dua kali sapoe.
          Janten, kaunggulan ganas teh loba pisan, ciptaan gusti Alloh anu maha suci, anu tiasa masihan mangpaat anu kalintang ageungna kanggo urang sadaya.

Categories:

Leave a Reply