Fosfor


Tips Ngaleungitkeun Bau Peuteuy jeung Jengkol
Rizki Ayu Aninda Wardhani
XII IPA 4
Peuteuy jeung jengkol,.. Saha nu teu apal? Loba jalma nu mikaresep kana dua rupa kadaharan eta tapi teu kurang loba jalma anu ngahindar tina eta kadaharan sabab ku aroma bauna. Faktor utama nu paling di jauhan jalma nu nuangna kusabab bau nu di timbulkeunna ngaganggu rasa PEDE atawa percaya diri.
Sebenerna aya sababaraha kadaharan nu bisa nganetralisir bau teu sedep nu di timbulkeun akibat nuang peuteuy jeung jengkol. Hayu urang bahas saeutik kadaharan nu bisa nganetralisir bau teu sedep nu di timbulkeun gara-gara peuteuy jeung jengkol.

Kahiji BEAS




Pasti teu disangka-sangka yen beas teh bisa nganetralisirkeun bau teu sedep nu di hasilkeun akibat ngadahar peuteuy jeung jengkol. Beas nu sifatna panas jeung tuhur atawa garing teh ngandung gizi nu gede, nyaeta nyuburkeun awak, nambah produksi sperma, mersihkeun pigmen awak, madetkeunisi usus, nguatkeun patuangan  jeung ngaleungitkeun bau teu sedep.
Carana  :
1.       Candak sakeupeul beas boda
2.       Kumbah beas nepi ka bersih
3.       Gayem beas nepi karasa amis
Kadua, KOPI





Hah? Kopi?
Naha? Gening Kopi oge bisa nganetralisir bau teu sedep nu di timbulkeun akibat ngadahar peuteuy jeung jengkol. Sabab kopi miboga kandungan Caffeine nu bisa nganetralisir bau nu teu sedep eta. Aroma kopi anu khas bisa nutupan bau nu timbul tina nuang kadaharan nu nimbulkeun bauna.Dibandingkeun jeung beas, kopi boga rasa nu aya kamungkinan bakal aya sisana di baham. Pait mangrupakeun efek tina nuang kopi.
Carana  :
1.Candak kopi atawa siki kopi sacukupna
2.Tuang kopina, tapi tong langsung di teleg sangkan aroma sumebar ka sakabeh rongga baham.

Katilu,BONTENG




Gampang milarina sarta ngabogaan rasa nu nyegerkeun eta kaunggulannana.Geutah jeung cairan bonteng ieu, lamun bereaksi jeung enzim dina baham gening bisa nganetralisir bau peuteuy jeung jengkol.

Carana :
1.       Candak bonteng sacukupna
2.       Gayeum bonteng, kekemu sababaraha menit,  tuluy teleg atawa burakeun.

Categories:

Leave a Reply