Fosfor

Nurul Fitria Hidayati

Umumna jalema sok ngabagi waktu jadi tilu nyaeta baheula, ayeuna jeung kahareupna. Arurang biasana sok nginget-nginget terus ngambang di jaman baheula, lamun heunteu arurang ge sok ngahayal jauh ka kahareupna. Biasana lamun keur ngahayalkeun kahareupna, bakalan nimbulkeun patarosan-patarosan. Contona engke urang jodohna jeung saha? Engke urang gawe dimana? Atawa urang engke boga anak sabaraha? Kusabab loba patarosan anu nimbulkeun rasa panasaran di hate, teu loba jelema anu inditna ka dukun, ka paranormal atawa ka paramal. Keur nanyakeun kahareupna urang engke kumaha.
    Di jaman ayeuna mah geus daharan sapopoe, tos teu aneh jeung geus diangap lain pidosaeun, malahan ramalan teh geus populer contona ramalan bintang atawa nu sok disebut zodiak. Jeung dina unggal sabagian majalah  zodiak teh wajib keur di cetak, wajib aya. Ku sabab ramalan-ramalan jiga kitu teh sok ngundang minat konsumen keur meuli majalah eta. Naha bisa ramalan-ramlan kitu bisa ngundang konsumen keur maca eta majalah? Ku sabab loba jelema nu percaya ka eta ramalan, loba jalema nu hayang nyaho masa depana jiga kumaha atawa loba jalema anu geus teu inget parcaya ka ramalan teh dosa. Teu loba jalema jaman ayeuna ngamanfaatkeun ramalan keur kapentengan sorangan, keur bisnis, bisnis nipu batur.
    Dukun, paramal atawa paranormal dipercanteun ti baheula ku nu laen bisa ningalikahareupna. Padahal anu nyaho sagalana mah ngan Gusti Nu Agung, anu nyiptakeun urang sadaya. Urang kuduna parcaya ka Gusti Allah laina parcaya ka paranormal, da nu ngatur sagalana mah ngan Gusti Allah. Teu aya jelema nu apal masa depana kumaha iwal ku kahendak Allah. Percaya ka ramalan teh dosa, sholat selama opat puluh poe moal dita rima ku Allah. Ieu geu di jelaskeun jelas di Al-Qur’an jeung hadist, nyaeta:
Ucapkeun: “teu aya saurang oge di langit jeung di bumi nu apal kana parkara nu gaib, iwal Allah. Jeung disisi Allah konci-konci sadaya anu gaib teu aya nu apal iwal Gusti Allah. Nu apal kanu nu gaib, jadi Allah teu nembongkeun ka saurang jalema ngenaan anu gaib eta. Iwal ka Rosul nu diridhoan ku Allah.” (QS. Jin: 26-27).
Sanajan saha nu ngadatangan Kahin, jeung ngabenerkeun naon nu diucapkeuna, niscaya manehna kafir ka naon anu diturunkeun ka Nabi Muhammad SAW. (HR Abu Daud, At-Tirmidji Ibnu Majah, Ahmad jeung Ad-Darimi.
    Lamun dipikir deui mah, naha arurang bisa parcaya ka ramalan? Ieu kusabab dasarna urang teh boga kabeh sifat boga loba kamampuan ngan dina tiap jalma kadarna beda, jadi misalna lamun dina ramalan nyebutkeun bahwa urang teh jalma nu engkena bisa jadi guru kusabab  urang jelema nu pinter jeung sabar. Urang pasti bakalan gampang parcaya kusabab dina dasarna jalema boga sagala sifat.
    Paranormal ge sok ngaramal ngagunakeun kartu tarot. lamun urang diramal ku kartu biasana ngan sakali, lamun bener nasib urang bisa di baca ku kartu tarot. berarti kartu nu bakalan urang pilih kudu sarua lamun setiap urang diramal dina waktu nu sarua.
    Lamun bener paranormal bisa ningali anu gaib atawa masa depan, berarti manehna bisa ningali masa depan sorangan. Lamun kitu, kabeh paranormal nu aya didunia bisa nyaho naon nu pang alusna keur hirup manehna. Bisa milih jalan nu pang alusna, pastina moal jadi dukun nu nipu sasamana.
    Geus jelas disebutkeun ku surat diluhur, nu apal kanu gaib mah ngan Allah wungkul nu apal ka sagala, bahkan Nabi Muhammad ge teu apal kanu gaib iwal di bere wahyu ku gusti Allah. Jadi lamun urang parcaya ka dukun jeung sajabana, berarti urang geus ngalanggar parintah Allah. Jadi tong ngakhayal jauh kaharep, fokus wae keur ayena kusabab kahareupna tergantung kana naon anu dilakukeun urang ayeuna.                                                                                                                

Categories:

Leave a Reply