Fosfor

Si  Manis Madu
Maya Noordian
Madu nyaeta cairan anu sarupa jeung sirop, madu leuwih kentel jeung rasana amis, di hasilkeun ku lebah jeung serangga sejenna tinu nektar kembang. Lamun tawon madu geus aya dinu jero sarang nektar di kaluarkeun tinu patuangan jeung di capek  babarengan jeung tawon sejen, lamun nektar geus lemes di simpen dinu sel, lamun sel geus pinuh bakal di tutup jeung bakal ngalaman fermentasi.
Seueur jalmi anu terang madu ngan saukur campuran jamu. Tapi kanyataanana madu ngabogaan loba khasiat utamana keur kasehatan awak urang. Nepi ayeuna rahasia anu aya dina jero madu masih keneh jadi misteri
Lain saukur orang timur hungkul  anu  ngamanfaatkeun madu tapi masyarakat barat oge sering ngamanfaatkeunana keur ngobatan sagala rupa panyakit . Madu bisa di campur jeung rupa-rupa kadaharan atawa inuman sejen. Para ilmuan oge parantos ngabuktikeun yen madu bisa di manfaatkeun kangge obat anu paling efektif keur sagala jenis panyakit.Madu bisa di gunakeun keur obat tanpa nimbulkeun efek samping.
Bahkan tinu al Quran aya surat anu nerangkeun
“tinu beuteung lebah teh kaluar cairan jeung mangrupa-rupa warna, di jerona aya kasehatan pikeun manusa “ QS An-nahl:  69
Madu boga loba kandungan gizi nyaeta : karbohidrat, protein, asam amino, vitamin,mineral,dekstrin,pigmen tutuwuhan jeung komponen aromatik. Hasil panalitian ahli gizi jeung pangan nyebutkeun lamun madu loba ngandung karbohidrat di bandingkeun jeung susu, endog, daging,keju,jeung mantega.
Dina tiap 100 gram madu murni ngandung 94 kalori atawa perbandingan 1000 gram madu murni sarua jeung 50 siki endog hayam atawa 5,675 leter susu atawa 1680 gram daging. Jeung hasil panalitian anu paling anyar nyebutkeun lamun zat-zat atawa senyawa anu aya dina jero madu kurang leuwih 181 jenis.salah sahiji kaleuwihan jeung ka unikan madu nyaeta ngabogaan kandungan antibiotik.
 Madu bisa di konsumsi keur sakabeh umur ti mimiti janin nepika manula Sababaraha hiji kasiat madu nyaeta :
  • Madu bisa nguatkeun janin anu lemah  dinu jero kandungan (rahim)
  • Madu bisa ngabantu ngajaga stamina jeung kasehatan ibu hamil
  • Madu bisa ngabantu ngembangkeun otak orok
  • Madu bisa ngobatan luka bakar kusabab madu boga spesifikasi anti proses peradangan 9 inflammatory activiti anti)
  • Madu bisa ngingkatkeun nafsu makan budak leutik
  • Manu bisa ngabalikeun stamina tinu kacapean jeung stress
  • Madu mangrupakeun minuman anu paling alus  jeung paling di butuhkeun ku manula anu organ pencernaanna  geus mulai teu berfungsi
  • Madu bisa di gunakeun keur sikat gigi, bisa ngabodaskeun jeung nyehatkeun gigi jeung gusi, oge bisa ngobatan sariawan jeung ganguan mulut sejenna.
  • Saukur ngagunakeun cairan madu berkadar 90% dua hari sakali bagian anu nyeri di mastaka di urut lalaunan salami 2-3 menit, madu bisa ngbunuh kutu,ngaleungitkeun ketombe, manjangkeun rambut,n gaaluskeun ,ngalembutkeun sarta ngobatan panyakit kulit kepala.
  • Madu bisa nurunkeun kadar glukosa dina jero darah jelema anu kaserang diabetes kusabab ayana unsur anti oksidan anu nyebabkeun asimilasi gula leuwih gampang dina jero darah
  • Madu bisa ngahalangan panyakit radang usus (colitis),maag,jeung tukak lambung.
  • Madu paling bergizi, ngalembutkeun sisitem alami awak urang, ngahilangkeun rasa obat anu teu ngeunah,ngabersihkeun liver, ngalancarkeun miceun kahampangan, cocok keur ngobatan batuk berdahak, buah-buahan oge tiasa di keueum dinu jero madu awet nepika 6 bulan
  • Madu bisa di campurkeun jeung habbatus sauda anu geus di tumbuk di jieun adonan  anu geus di campur caipanas terus di inum rutin tiap haribisa ngahancurkeun batu ginjal jeung batu kandung kemih ,ngalancarkeun cai seni,haid,jeung ASI
Madu anu paling alus nyaeta madu anu paling jernih,bodas jeung henteu seukeut, sarta jeung anu paling amis.
Sangkan meunangkeun khasiat jeung manfaat anu alus urang kudu ngakonsumsi madu ngagunakeun takaran anu di rekomendasikeun  nyaeta :
-          Dua nepika tilu sendok makan sahari keur kolot atawa anu geus cukup umur
-          Lamun keur budak mah sasendok makan sahari
Kusabab eta madu teh loba pisan mangfaatna pikeun kasehatan awak urang  salain gampang neanganna jeung hargana oge teu mahal teuing .loba sababaraha cara anu bisa digunakeun pikeun jadi campuran madu upamana bae urang teu resep kana madu, madu bisa di campur jeung rupa-rupa kadaharan nu sejen. Madu oge bisa di jadikeun pamanis alami keur ngaganti gula.

Categories:

Leave a Reply