Fosfor

 PENTINGNA  UPACARA BENDERA
Della Amalia 
Upacara umum nyaeta  hiji kagiatan nu dilakukeun  ku loba jalma di instansi kantor pemerintah keur ngitenan hiji hal dina acara  tertentu. Contona : Upacara HUT kemerdekaan Republik Indonesia, Upacara hari ibu, Upacara serah terima jabatan, jeung sajabana.
Aya oge nu namina upacara khusus nyaeta upacara nu dilaksanakeun sacara khusus henteu ngabutuhkeun kahadiran pajabat jeung ngabogaan tata urutan upacara nu teu kudu lengkap. Contona : kagiatan apel, laporan serah tarima jabatan, jsb.

           Upacara bendera pasti dilakukeun sakabeh sakola di nagara ieu,tapi aya dua sakola di Jawa Tengah nu nyatana ngalarang siswana mikahormat sang saka merah putih. Kabijakan sakola di Karanganyar ieu akhirna ngamunculkeun reaksi ti sababaraha pihak. Kadua sakola ieu nganggap upacara bendera teh paripolah musyrik anu dilarang agama. Sontak, pemda satempat ngancam bakal nyabut ijin kadua sakola ieu,sakitu beritana.
Kagiatan upacara disarengan pangibaran jeung panghormatan bendera merah putih, Kawas ieu tos lami disalanggarakeun di sakabeh sekola di Indonesia.  Rangkaian upacara anu terdiri ti pangibaran bendera merah putih, pembacaan teks pancasila, sarta nembangkeun lagu Indonesia Raya, tos janteun kagiatan wajib di sakola atanapi di perkantoran, unggal dinten senen.
Salain, upacara bendera ieu oge sering dimanfaatkeun kanggo ajang numbuhkeun rasa nasionalisme, kanggo para siswa jeung pagawe di lingkungan pemerintahan.
Saleres na dalam upacara bendera loba potensi dina diri siswa nu tiasa ditumbuh kembangkeun. Potensi eta misalna : kapemimpinan, tertib sosial,rasa percaya diri, kabersamaan, loyalitas kabangsaan, kapekaan kabangsaan jsb.

           Upacara bendera sabenerna oge bagian tina interaksi edukatif anu cukup efektif kanggo numbuh kembangkeun nilai-nilai sarta upaya ningkatkeun potensi-potensi insan didik. Misalna potensi kapemimpinan anu  aya dina diri siswa.
          Siswa sacara bergilir dibere kasempetan kanggo tampil mimpin upacara. Pemimpin upacara dituntut kanggo ngalakukeun aba-aba jeung sababaraha tindakan-tindakan. Sahingga dina hiji taun ajaran salah sahiji siswa bisa meunangkeun 2 – 3 kali mimpim babaturanna.
Dina upacara aya aba-aba jeung tata cara anu mimpin atanapi nu dipimpin. hiji jalma anu mimpi kudu bisa maenkeun peran sasuai posisina. Jalma anu dipimpin pasti aya peran anu kudu dilakonkeun. Dina ieu  diharapkeun tumbuh kasadaran ti satiapkelompok social yen ti satiap organisasi, tertib sosial jeung kaseimbangan harmonisasi organisasi, aya aturan-aturan norma-norma anu sipatna imperative maksa kanggo konsekuensi hiji jalma leubet kana hiji kelompok sosial.
           Dina upacara bendera siswa dilatih kanggo ngabiasakeun tampil percaya diri. Pangalaman ngabuktikeun sabagian siswa loba anu ngarasakeun demam tampil (deg degan) yen kudu tampil mimpin. Tapi, umumna leungit lamun giliran kadua atawa saterusna.
           Kanggo abdi upacara bendera nyaeta  hiji kagiatan anu sae pisan dina ngemut  jasa para pahlawan bangsa. dina upacara aya acara ngadoa kanggo arwah para pahlawan bangsa. Pembina upacara biasana miwarang para peserta upacara kanggo ngadoa, jeung ngemut jasa-jasa para pahlawan bangsa. bari diputerkeun lagu mengheningkan cipta. Dina waktos eta abdi ngarasakeun jasa para pahlawan bangsa anu miheulaan urang sararea. Jadi, upacara bendera teh penting pisan dina kahirupan urang .

Categories:

Leave a Reply