Fosfor


   pentingna kabersihan kelas
Riskiyani Melisa
Mun ditilik tina segi kabersihan, jaman ayeuna urang sok ninggali loba siswa hoream ngajaga kabersihan umumna dilingkungan sakola. Tempat urang nemba elmu. Kusabab, maranehna asik teuing ameng jeung teu nyaho pentingna lingkungan anu bersih bakal mangaruhan kasehatan urang.
           Kitu oge anu tugasna piket sok telat jeung lalai kanu kawajibanana. Kusabab eta, abdi ngangkat judul esai” Peran Kabersihan Kelas Keur kanyamanan diajar”.
Sacara umum, kabersihan bisa diartikeun hiji hal anu endah ditinggal jeung dirasakeun. Mun lingkungan sabudereun urang utamana kelas teh bersih, eta artina pangkal tina kasehatan.
          Sedangkeun, tina agama bisa diartikeun satengahna tina iman. Salaku siswa urang kudu atawa wajib ngajaga kabersihan sabab kabersihan teh ngaruh kanu proses KBM(Kegiatan Belajar Mengajar) di kelas, lian ti eta hal ieu jadi panangtu ti kabeh guru ka kabeh siswana boh ti saragam sakola na, boh ti kabiasaannana. Urang bisa, ngamumule tinu hal-hal anu leutik  diantarana:
·        Piceun sampah ka tempatna
·        Mun urang ninggal kelas kotor, urang kudu gancang meresihan
·        Tong ngabiasakeun miceun sampah ka solokan atawa ka irigasi, sabab hal eta bisa nimbulkeun banjir.
·        Bersihan panangan saacan tuang atawa sanggeusna
Kabersihan boga peran anu penting utamana keur kanyamanan diajar.
Mun urang ngabogaan kelas anu teu bersih, urang moal ngarasa nyaman ngalaksanakeun KBM di kelas, hususna keur siswa/I anu kelas XII  anu teu lila deui bakal mihareupan UN jeung UAS. Urang bakal ngarasa kaganggu sabab kelas urang teu bersih. Contona: aya sampah di kolong bangku. Eta teh bisa ngaganggu kasehatan urang, da kaserang ku kuman panyakit anu disebabkeun ku eta sampah.
           Kasimpulanana, urang salaku siswa kudu sadar kanu kebersihan. Yen kabersihan teh penting pisan. Sarta kabersihan teh mangaruhan kanyamanan urang di ajar di kelas, umumna keur urang sadayana salaku warga nagara anu alus, supados urang jauh tina sagala panyakit.

Categories:

Leave a Reply