Fosfor


Pengaruh Positif Game
 Farhan Rizki Yudistira
Sairing jeung kamajuan jaman, internet geus jadi kabutuhan poko pikeun sawareh manusa. Kamajuan informasi mere mangpaat dina ayana internet. Sajaba ngagampangkeun komunikasi, internet oge mantuan loba siswa pikeun ngerjakeun pancen, ngamekarkeun diri, muka wawasan sarta ngaluaskeun pergaulan maranehanana. Internet bisa jadi loba mangpaat lamu dipake bijak. Tapi, heunteu saeutik oge pangaruh negative aniu ditimbulkeun pikeun prestasi diajar siswa jadi goreng sarta ninggalkeun kagiatan diajar nepi.
Mimitian pornografi, penculikan alatan jejaring social anu keur marak ayeuna nepi ka dina katagihan game onlineanu nandanganloba siswa. Game mangrupa salah sahiji hiburan anu aya dina internet.
Marak na game online di Indonesia nyieun fenomena anyar jang nu mikaresep game. Ti mimiti nu hirupna kacau nepi ka budak sakola atau kuliahan nu teu lulus-lulus. Maen game emang miboga dua sisi, nyaeta positif jeung negatif. Ti sagi positif bias ngalatih pola mikir, reflek sarta meureun oge dijadikeun ajang pikeun meunangkeun duit kalayan ngiluan turnamen atawa ngajual barang jeung char na.
Emang kabuktian tina hiji panalungtikan yen maen game bias nyieun barudak jadi leuwih calakan lamun dibandingkeun anu heunteu maen mah, sanajan panalungtikan ieu masih kontroversi sarta tacan bisa dipertanggungjawabkeun. Maen game sabenerna mere mangpaat atawa heunteu? Urang mindeng ngadenge efek negatif maen game, utamana dina barudak kawas sakola atawa palajaran kaganggu, katagihan maen game bisa ngajieun pola dahar nu teu kaatur ku kitu na ngabalukar keur gering, hayang meuli pangkakas nu ngarojong kaulinan game panganyarna sarta usaha pikeun meunangkeun duit tambahan ku cara anu salah atawa menta ka kolot. jadi naha aya mangpaat anu alus tina maen game teh?
            Game bisa nyieun jalma jadi pinter. Panalungtikan di Mancherste University sarta Central Lanchashire University ngabuktikeun yén jalma nu tukang maen game 18 jam dina saminggu atau sapoe maen 2.5 jam ngabogaan koordinasi anu alus anatar panon sarta leungeun. Dr. Jo Bryce, nyatakeun yen maen game the bisa mantuan barudak pikeun ningkatkeun pangabisa maranehna. Para peneliti di Indiana University negceskeun yen maen game teh bisa ngendurkeun kategangan syaraf. Eces wae batang garelut leuheung garelut liwat game getihna bobodoan, pakarang bobodoan, kabeuhanana bobodoan.
            Geus dibeberkeun diluhur yen game oge miboga mangpaat anu alus, teu saukur efek nu goreng wae. Para peneliti oge geus ngabuktkeun pikeun mangpaat anu alus tian gam .Jadi teu kabeh maen game ngabogaan mangpaat anu goring, tina maen game ge loba mangpaat alus na.

Categories:

Leave a Reply