Fosfor

PARIA
Zamzam Alardi
Paria, seer  anu terang yen saukur ngadangu namina oge tos pasti arurang sieun, sanes sieun ku pikasieneunana, tapi sieun ku rasana anu kacida paitna. Padahal  biasana aya oge anu reseup nuangna, kumaha tiasa kitunya ? Pait tapi nyehatkeun eta fakta anu ayeuna di panggihan ku ahli Biologis. Paria, anu kasohorku rasa buahna anu pait anu ngandung khasiat anu luar biasa jeung tiasa ngubaran sagala panyakit.
Ngarah nyaho jeung jadi mikareseup paria teu hese, lolobana arurang biasana henteu nuang buah ieu lantaran cara nyajikeunna salah. Misalna jeung kareasi paria tiasa di sajikeun jeung bahan anu sejen, misalna endog asin, kecap asin, atawa saos kedele. Cara masak sayur paria nurutkeun orang Taiwan. Paria (momordica charantia) atawa dina bahasa Mandarinna “khu khu” khu = pait, nyaeta salah sahiji jenis sayuran anu tumbuhna ngarambat anu bentukna sepiral. Bentuk daunna ngajari jeung kembangna warnana koneng jeung batangna buluan rada kasar. Buahna anu bintik-bintik jeung rasana anu pait. Tatangkalan ieu hirup di tempat anu hawana panas, jiga di asia, afrika timur, amerika selatan, sareng kapulauan karibia.
Jenis-jenis paria anu loba kasohor ku masyarakat nyaeta :
1.       Paria Kodok, bentukna lonjong, rada buleud pendek. Warnana hejo kolot, rasana pait pisan
2.       Paria gajin atawa gajih, bentukna lonjong gede, panjang. Warnana hejo ngora atawa bodas, rasana teu rada pait.
3.       Paria leweung, bentukna buleud, leutik jeung rasana panpaitna.
Kandungan Zat anu aya dina paria :
Dibalik tina rasana anu pait, paria nyimpen sajuta manfaat kanggo kasehatan tubuh manusa. Buahna anu ngandung Albiminoid, karbohidrat jeung zat warna. Daunna ngandung zat pait, minyak lemak, asam dammar, protein, besi, kalsium, fosfor, vitamin A, B1 jeung C, anun fungsina kanggo ngajaga kaendahan kulit. Nyaeta ngajaga kulit tina sinar ultra violet. Ieu artina paria tiasa nyegah noda hideung jeung keriput dina raray. Akarna ngandung asam momordial jeung asam aleonolat. Sedangkeun sikina ngandung saponin, alkaloid, triterprenoid, dan asam momordial.
Di Negara-negara utamana Jepang, Korea jeung Cina. Salain kanggo tuang, paria oge dimanfaatkeun jang obat. Kadar kalsium dina paria kaasup gede, sangkan tiasa naekkeun produksi sel-sel beta dina jero pancreas kanggo ngahasilkeun insulin. Lamun insulin dina awak kacukupan, mereun kadar glukosa anu seer teuing tiasa di cegah, sangkan kadar glukosa dina geutih jadi normal atawa jadi ka control. Sanyawa fitokimia leutin jeung likopen dina pare miboga khasiat salaku anti kanker, antibiotika, antivirus, parangsang produksi insulin, panyaimbang tekanan geutih jeung kadar gula , parangsang nafsu dahar jeung pambasmi cacing usus. Teu acan lami ieu, Prof lee-huang ti Universitas New York oge nemukeun zat anu luar biasa dina paria, nyaeta sanyawa anti HIV-AIDS. Zai ieu dinamian alpha-momorchorin, beta-momorchorinjeung MAP 30 (Momordica antiviral protein 30). Zat anu seer
khasiatna ieu aya dina siki paria kolot. Di Amerika sorangan, kapsul eusina bubuk siki paria ges biasa di pasarkeun. Obat eta diaku tiasa nahan laju virus HIV-AIDS. Berkat terapi paria, anu ngidap HIV-AIDS di Thailand jeung Amerika serikat sacara klinis katinggal leuwih sehat jeung beurat awakna ningkat. Teu ngaleleuwih sakitu, para ahli di dunia medis optimis dina 10 taun kahareup, bakal nimu obat kanggo merangan HIV-AIDS

Categories:

Leave a Reply