Fosfor

Manfaat Teknologi
  Nanci F A
Sateuacan neraskeun terangna manfaat teknologi, langkung tipayun urang kedah uninga heula naon hartosna teknologi .
Teknologi nyaeta metode ilmiah kanggo ngadugikeun tujuan anu paraktis sapertos : elmu pengetahuan anu tiasa diterjemahkeun kana saday sarana anu nyayogikeun barang –barang kanggo kahirupan umat manusa.
Manusa Nyaeta Mahluk social, anu hartosna manusa hirup silih meryogikeun sareng anu sanesna, dugika komunikasi mangrupikeun kaperyogian anu langkung utami. Kanggo eta sadaya, manusa nyiptakeun system sareng alat kanggo ngahubungkeun dugika sumpingna telepon sareng internet. Anu mana system eta anu diciptakeun kumanusa anu katelana “ teknologi informasi dan komunikasi ( TIK ).
Dina jaman globalisai ieu, dugika wacana anu aya heunteu lepas tina pangaruh informatika global, cobi kuuarang ayeuna emutan teknologi internet anu tiasa ngahijikeun dunya kana hiji desa global. Teknologi oge ngadamel inforrmasi anu enggal sareng akurat,dugika tiasa ngahijikeun dunya kana hiji sistem informasi anu hirup, langkung tina sakadar anu tiasa ngabantos  kana nyebarna informasi , anu ngaformat  kana kahirupan sareng padamelan.
Tina sababaraha bahasan diluhur perkawis teknologi informasi, wirehna urang tiasa uninga kana kamanfaatan teknologi eta kanggo gampangna urang ngajalankeun kahirupan sadidinten.Namung tina eta sadaya urang kedah uninga kana kamajengan teknologi anu efek sampingna,nyaeta langkung luhur tingkat intelektualitas hiji masyarKat kanggo langkung canggihna sareng rupi – rupi polah kajahatan anu aya. Hal eta mangrupikeun buktos nyata  Anu ayeuna seueur nagara anu lieur ku kajahatan ngalangkungan internet anu kasohor ku jenengan “ cyber crime”,kantenan deui  dampak negative teknologi informasi teh anu nyababkeun ayana turunna moral anu ngajantenkeun internet bisnis dunia maya, sareng seueur deui dampak negative anu sanesna.

Kusabab kitu, urang sadayana salaku bangsa anu masih enggal dina ngiringan kamajengan teknologi informasi kedah pinter – pinter , misahkeun sareng milih dina nganggona , margi alesan urang ngamajengkeun  bangsa sareng ngajantenkeun teknologi informasi kanggo,teknologi anu anu nyaangkeun jalmi seueur.  Tapi malah sawangsulna, nyaeta teknologi anu tiasa ngancurkeun kahirupan .

Categories:

Leave a Reply