Fosfor

Manfaat jeruk mipis
Ghita Megalia 
     Jeruk mipis nyaeta jeruk anu geus dipikawanoh ku rea jalma. sacara umum jeruk mipis boga loba manfaat. salian jadi inuman anu seger, buah anu geus di konsumsi mangrebu-rebu taun ieu bisa nyegah jeung nyageurkeun sagala panyakit.
     Jeruk mipis beunghar ku vitamin jeung mineral anu alus pikeun kasehatan. tiap 100g jeruk mipis aya kalori 51 kal, protein 0.9 g, lemak 0,2 g, karbohidrat 11,4 g, mineral 0,9 g, kalsium 33 mg, fosfor 23 mg, besi 0,4 mg jeung asam askorbat 49 g.
Rasa jeruk mipis anu haseum bisa ngabersihkeun nikotin anua aya dina huntu. Di Indonesia jeruk mipis sering digunakeun pikeun ngubaran sagala panyakit kawas disentri, semebelit, ambeien jeung sajabana ti eta.
     Rea jalma ngagunakeun jeruk mipis pikeun mere rasa haseum kana dahareun atawa ngurangan bau hanyir tinu pasakeun.
Salian ti manfaat jeruk mipis mere rasa haseum jeung ngurangan bau hanyir, jeruk mipis oge bisa ngaleungitkeun karisut  kasar tinu siku jeung tuur ku cara teratur. Teu kudu make obat-obatan kimia anu mahal pikeun ngaleungitkeun karisut kasar tinu tuur atawa siku teh tapi bisa make jeruk nipis anu murah hargana.  

    Cara ieu pernah dicobaan ku sim kuring, hasilna emang karasa bener. Ngosokkeun jeruk mipis kanu siku jeung tuur unggap poe salila saminggu bisa bisa ngaleungitkeun karisut kasar. Jadi dari pada miceun duit jang meuli obat-obatan kimia malah, mending meuli jeruk mipis anu hargana kajangkau ku masyarakat.

Categories:

Leave a Reply