Fosfor

Insomnia Lain Panyakit

Ebenezer Nababan 
Sare kalayan nyenyak mangrupakeun hal anu nikmat sarta nyenangkeun. Lamun urang sarena cukup jeung nyenyak, urangbakal seger lamun hudang isuk – isuk. Sare kalayan nyenyak bisa nyieun urang tenang dina sagala aktifitas sarta sumanget dina ngerjakeun sagala sesuatuna. Tapi kumaha kalayan maranehna anu hese sare ?

  Insomnia nyaeta gajala kalainan tina pola sare mangrupa hese sare sanajan dipaksakeun keur sare. Gajala eta biasana dituturkeun jeung gangguan fungsional keur hudang. Lamun disebut panyakit rasana heunteu pas. Kusabab heunteu nyerang organ awak nu tangtu. Insomnia atawa hese sare ieu gumantung ti pengidapna oge, lamun haying gancang sare, nya pasti aya jalanana.

  Insomnia loba diderita ku jelema anu miboga pagawean anu leuwih loba ngagunakeun pikiran kalayan otot. Pikiran anu unggal poe dipake tanpa istirahat kamungkinan badag bisa leuwih babari diserang panyakit anu laina. Saurang ahli ti Rusia negaskeun yen pengidap insomnia pang lobana nyaeta para perokok, anu tina  hudangna pasti keur nyeri sirah. Kitu oge para alkoholik atawa pemabok. Hese sare oge mindeung kajadian ku anak muda nepika kolot, beuki tambah umur beuki kurang oge waktuna jang sare.

  Mangka ti ieu kuring bisa negeskeun yén insomnia lain panyakit. Ngan istilah pikeun lolobana jelema anu teu bisa sare lantaran geus kabiasaan sare liwat tengah peuting. Kuring bisa mere conto kawas kuring ayeuna, baheula kuring sok sare kira – kira antara jam 9 – 10. Kulantaran ayeuna aya modem saban peuting ayeuna kuring geus biasa sare jam 11 – 12, mangkaning bisa nepi jam 2 lamun poe libur. Tah kabiasaan kuring sare gancang kaganti ku kabiasaan kuring sare telat.

Tah, kuring bisa ngabuktikeun yen insomnia the budaya (kabiasaan). Kabeh jelema tiasa ngaleungitkeun eta kabiasaan anu disebut insomnia tea ku cara ngabiasakeun diri sorangan pikeun sare gancang lamun geus bareres tah eta pagawean teh.

Ceuk para ahli oge, kalayan digawe nyaeta digawe anu ngaluarkeun kesang, awak arurang leuwih gancang haying istirahat, nu matak lamun awak urang geus nepi kasur jol tibra sare teh. Salian ti eta urang oge bisa nurut ka budaya negeri sakura Jepang nyaeta mandi air hangat, saeunggeus mandi niscaya perawakan urang bakal karasa rileks sarta siap ngimpi endah dina dekapan poekna sang malam.

Hiji survey ti 1,1 juta panduduk di Amerika anu di pigawe ku Amerika Cancer Society manggihan yen maranehanana anu dilaporkeun sare kira – kira 7 jam saban peuting ngabogaan tingkat pati terendah, sedengkeun jelema – jelema anu sare kurang ti 6 jam atawa leuwih ti 8 jam leuwih luhur tingkat patina. Sare salila 8,5 jam atawa leuwih saban peuting bisa ngaronjatkeun angka pati sagede 15%. Insomnia kronis, sare kurang ti 3,5 jam (wanoja) sarta 4,5 jam (lalaki) oge bisa ngabalukarkeun kanaekan sagede 15% tingkat pati. Sanggeus ngadalikeun durasi sare sarta insomnia, pamakean pil sare oge patali jeung kanaekan angka pati.

  Di handap ieu aya sababaraha artikel para pakar tentang sabab – akibat insomnia, sarata tips atawa cara pikeun ngaleungitkeun insomnia :
  1. Lakukeun hal – hal rutin saacan sare jiga misalna nginum susu haneut, sakeudeung leuleumpangan, atawa mandi air hangat.
  2. Ngalakukeun sababaraha tehnik relaksasi jiga relaksasi otot ata meditasi.
  3. Nangtukeun jam sare. Usahakeun sare dina waktu anu geus ditangtukeun, sare saacan jam 11 sarta hudang isuk – isuk. Lakukeun ieu sacara rutin boh hari libur oge kitu. Mun jadwal ieu dilanggar bisa ngakibatkeun insomnia deui.
  4. Hindari kafein, nikotin, jeung alcohol. Hindari minuman anu ngandung kafein jiga kopi, coklat, soft drink, the jeung obat diet. Sabab kafein bisa ngajieun jelama hese sare. Sarta gancang hudang kusabab efek tina nikotin.
  5. Nyantai heula saacan sare. Leuwih alus mandi air hangat, maca, atawa ngalakukeun rutinitas lain  anu bisa nyieun urang sare pules.
  6. Ulah baring di kasur lamun heunteu tunduh. Lamun urang teu bisa sare, entong ngabaring dikasur. Kusabab bisa nyebabkeun gelisah terus hese bakal sarena.
  7. Sare nepika matahari bersinar. Lamun ngamungkinkeun, cahaya matahari anu asup tina jendela keur ngahudangkeun urang dina isuk – isuk, atawa ngagunakeun lampu anu caang di kamar. Hudang sare terus langsung kacaangan ku cahaya matahari alus pikeun jelema anu hese sare.
  8. Ngontrol suhu kamar. Mertahankeun suhu anu nyaman di kamar tidur. Suhu anu panas teuing bisa ngaganggu atawa nyegah urang pikeun sare.
  9. Olahraga saaca sare. Cobaan pikeun ngalakukeun latian ringan kira – kira 20 nepika 30 menit perpoe. Olahraga unggal poe bakal ngabantu jelema babari keur sare. Cobaan ngalakukeun latian sakitar 5 nepika 6 jam saacan sare.

Categories:

Leave a Reply