Fosfor

Kiwari loba masyarakat utamana anu aya di kota gedé anu geus ninggalkeun basa sunda.
Maranéhna geus tara nyarita maké basa sunda, sok sanajan asli ti lingkungan kulawarga sunda. Malah asli natéh ti kampung, sabab di kotamah ukur ngumbara.
Maké basa sundamah di anggapna tinggaleun jaman jeung kampungan atawa bisa waé pangna teu ngagunakeun basa sunda téh sabab ngarasa sieun salah tur padahal basa indonesia anu di pake ku manehna lain basa indonesia anu alus jeung bener. Ukur basa indonesia anu gedé kapangaruhan ku basa malayu betawi.
Umpamana waé ngagunakeun kecap ngabenerin, ngemaluin, ngebayangin, membikin, jeung sajabana anu ceuk aturan bahasa indonesia mah salah.
Sok rajeun aya kolot anu boga anggapan mun ankna di ajar basa sunda, engkénatéh bakal ngagokakan dina geus mimiti di ajar bahasa indonesia di sakola, jadi geus waé sina langsung di ajar bahasa indonesia, ngarah éngké basa indonesiana pinter.
Tétéla éta anggapan téh salah. Ceuk hasil panalumpikan, lamun budak di wanohkeun heula kana basa sunda, dina engké di ajar basa indonesia natéh leuwih babarieun. Malah engké natéh budak bakal leuwih pinter basa indonesiana tibatan budak anu teu di ajar basa sunda.
Cindekna: budak anu alus basa sunda na geus bisa di pastikeun bakal alus basa indonesiana.

Categories:

Leave a Reply